Ini dicomot dari milis sebelah, terima kasih buat Kang Muda Ikhsan. Mohon maaf bagi yang tidak mengerti bahasa Sunda. :)
TEU TANGGUNG JAWAB.
Ieu carita hiji indung jeung anakna di Denmark.
Si anak ngarana Mickyo, katelah budak bageur pisan.
Maranéhanana kacida beungharna, boga kebon buah aya hektarna.
Hiji mangsa si indung ngageroan anakna:
"Mickyo pang ngalakeun buah di kebon belah kalér, sigana mah geus baleuneur "
"Mangga Ibu", ceuk si Mickyo bari jeung hormat.
"Ulah poho mawa karung keur wadah buahna"
"Mangga", ceuk si Mickyo .
Deregdeg si Mickyo lumpat ka kebon bari jeung mamawa karung,
tuluy nérékél naék tangkal buah anu leubeut kacida.
Teu kungsi lila si Mickyo ningali ka handap, aya nu datang sapasang remaja,
sigana mah rék bobogohan di handapeun tangkal buah anu suni.
Gék maranéhanana dariuk persis dihandapeun tangkal buah pisan.
Tapi katingalina lain bobogohan biasa, dasar urang Denmark, ieu mah leuwih ti kitu !
Atuh puguh wéh si Mickyo budak bageur téh ngadarégdég samar polah.
Kapaksa manéhna cicing ngahénén teu soraan pisan :
"Kang kikieuan téh, urang tos sababaraha kali"
"Naha kunaon kitu, da budaya urang mah biasa !?"
" Har ari si Akang, urang ngalakukeun kieu téh dosa"
"Ah tenang nyai, dosa mah urusan anu di luhur"
Si Mickyo ngarénjag asa teu milu saham:
"Éh deuleu, kuring mah ngan ukur ningali wungkul, teu pipilueun pisan!!!"
Nyanggakeun Ceuleukeuteukna, kanggo ngahibur kulawarga Ceuleukeuteuk .
1 comment:
Huhahahaa.. karunya teuing eta si Mickyo...
Post a Comment